PERIHAL IDUL FITRI*
Oleh KH. Yusuf Kamil**
Kullu ‘ibadatin wa faqat sunnata rasulallah fahiya ‘ibadatu wa hidayatu. Naon baé anu disébut ibadah anu akur sareng sunnahna Rasullah éta disebat “ibadah hidayah”. Wa ma lam yuwafiqha fahiya bid’atun wa dhalalatu (), sareng naon baé anu nyulayaan kana sunnahna Rasulallah éta bid’ah sareng anu sasar haram ku sabab kitu maka dina ‘idul fithri (boboran) sing akur sareng sunnahna Rasulallah saw.Ari takbir dina shalat ‘idil fithri aya dina al-Qur’an surat al-Baqarah ayat 185, ari shalatna dina surat al-a’la ayat 14 – 15. Ari shalat ‘idil adhha dina surat al-kautsar, ari takbirna dikiaskeun kana shalat ‘idil fithri. Sunnah dina dinteun boboran (lebaran) nganggo acuk anu pang saéna (pang alusna) atawa pang anyarna teras niat kaluar ti bumi badé saling hampura rejeung maca shalawat lamun aya anu ngecapkeun (mengucapkan) “selamat hari idil fithri maka jawab taqabbalallah minkum ahyakumullah liantsalikum kullu ‘amin wa antum bikhair (تقبل الله منكم أحياكم الله لأمثالكم كل عام وأنتم بخير).
Di mana badé shalat ‘idil fithri, maka sunnah nalika badé angkat milarian jalan anu jauh di mana balik sabalikna. Jeung leumpangna kedah tenang sanajan jauh. Sareng sunnah tuang (dahar) heula samémeh angkat ka masjid, anu paling utami kurma kalawan ganjil, teras asup ka masjid kalawan shalat heula tahiyyatul masjid. Sareng sunnah ka imam hadirna ka masjid panderi.
Maka teras niat shalat ‘idil fithri dina hal iye Rasulallah saw. ngadawuh, “di mana hamba Allah puasa Ramadhan tuluy kaluar badé shalat ‘idil fithri maka Allah Ngadawuh: “wahai Malaikat Kami satiap anu di gawé pasti ménta upah, tah ayeuna hamba Kami puasa gé pasti ménta upahna, maka saksian ku aranjeun bahwa Kami ngahampura kana dosana,” maka aya anu ngagero wahai ummat Muhammad aranjeun gara marulih ka tempatna masing-masing ayeuna mah amal goreng aranjeun parantos di tuker ku amal shalih.
Ari boboran (lebaran) anu pasti diusahakeun, kahiji, dina satiap poe amal hadé ditarima, tapi amal goreng henté ditulis. Kadua, dimana maut iman istiqamah dina haté sareng diraksa tina godaan syaitan. Katilu, dina poé kiamat nalika ngaliwat (jembatan) shitath al-mustaqim salamat. Kaopat, dina poé kiamat jadi ahli surga. Kalima, surga terbuka hijab maka langsung panon ningal Dzat Allah swt.
No comments:
Post a Comment
Terima kasih telah berkunjung ke blog saya, silahkan berkomentar dengan sopan