Kacatur
jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu
Jani. Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara
barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga
rejeki teh sok mere kanu butuh. Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi batan
dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti
salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani
balik. Ditengah jalan amprok jeung aki-aki awakna begang leumpangna
rumanggieung, atuh karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur
saenggeus asak didalahar bareng. Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan.
Memeh indit aki-aki teh mere jimat ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna
tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu!
Tutu! Tutu! tilu kali” ceuk aki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan,
sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngeureunkeunana lisung kudu
dibere taneuh saetik. Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep
ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar
manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki
Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make
lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas peuntas numpak kapal parahu.
Mangsa dina kapal Ki Jana butuh uyah jang nyambel. Dina kapal geus eweuh uyah
saetik-etik acan. Ki Jana menta uyah kalisung, atuh kaluar uyah teh teu
ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna titeleum. Ti harita
cai laut jadi asin.
Rincian
Dongeng:
Tema :
Perang Duduluran Judulna : Cai Laut Asin Bahasana : Kasar Alur/plot :
Ngagunakeun alur maju Cara Nyarita/ Sudut Pandang : orang ka 3 palaku utama Palakuna
: Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani. Watek palakuna : Ki
Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah. Ki Jani = Bageur, berehan,
daek tutulung kanu susah. Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur. Eusi/hikmah
nu bisa di cokot :Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna
bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi
senang tur tentrem.
No comments:
Post a Comment
Terima kasih telah berkunjung ke blog saya, silahkan berkomentar dengan sopan