HAKIKAT ‘IDUL
FITHRI
الَّذِينَ
يُنفِقُونَ فِي السَّرَّاء وَالضَّرَّاء وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ
عَنِ النَّاسِ وَاللّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ (أل عمران: 134)
“(Nyaeta)
jalma-jalma nu nganafaqohkeun (hartana), boh dina waktu luang oge dina waktu
samporet, jeung jalma-jalma nu nahan amarahna jeung mere hampura kana (kasalahan)
manusa. Allah mikaresep ka jalma-jalma nu milampah kahadean”. (Ali Imron: 134).
Kecap عِيْدُ(‘Iid) mibanda harti “balik”
atawa “mulang”, sedengkeun kecap فِطْرِ (Fithri) mibanda harti “ Suci”
atawa “Kasucian” bisa ogé dihartikeun “Agama nu bener” tur bisa mibanda harti
ogé “asal kajadian”. Lamun urang mere harti kana kecap فِطْرِ (Fithri) kana harti “Agama nu
bener”, maka hal éta téh nuntut ka urang pikeun “nyaluyukeun kana hiji
hubungan” sabab nyaluyukeun hiji hubungan mangrupakeun tanda ngagemna hiji
agama nu bener nyaéta agama Islam. Tegesna hubungan antara manusa (Makhluq)
jeung Allah (Khaliq), ku kituna Kanjeng Nabi saw. Kantos ngadawuh أَلدِّيْنُ الْمُعَامَلَةُ (Ad-Diinu Al-Mu’amalatu) tegesna
yen agama téh hiji hubungan. Salian ti éta ogé silih nasehatan ogé silih
hargaan kaasup kana ajaran agama, ku kituna Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh أَلدِّيْنُ النَّصِيْحَةُ (Ad-Diinu An-Nashihatu). Dumasar
kana hal éta, maka satiap jalma nu ngalaksanakeun عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) kudu tumuwuh rasa
sadar yen satiap jalma ngalakukeun hiji kasalahan, jeung tina kasadaran éta
manehna tumuwuh rasa pikeun mere
ogé narima
hampura ti batur ngeunaan kasalahan nu geus dilakukeun Kitu keneh lamun Fitrah
dihartikeun kana “kasucian”. Hal ieu bisa dirasakeun nalika urang aya dina
kaayaan cicing Tafakur (mikir) kana sagala kakawasaan Pangeran, Tadzakur
(eling) ka nu maha nyiptakeun, ogé Tasyakur (syukur) kana sagala nikmat Allah
swt nu geus dipaparinkeun ka urang. Sahingga karasa tumuwuhna rasa tingtrim
bathin, tiis pikir, ayem tengtrem, ogé Tuma’ninah (tenang) kaayaan. Saba’dana
nyalsekeun sagala masalah, rengsena kasibukan duniawiyah, maka bakal karasa ogé
kadenge hiji sora nu bijil tina ati sanubari ngajak ka urang pikeun ngobrol,
ngajak ka urang pikeun ngadeukeutkeun diri ka Nu Maha Suci, ogé nu ngajak ka
urang pikeun sadar diri yeng urang téh kacida lemahna di payuneun Nu Maha
Agung. Sora nu bijil tina ati sanubari éta téh taya kajaba sora fitrah urang
salaku manusa nu salalawasna ngajak pikeun ngabdi, ngaula ka Nu Maha
Kawasa.Sora ieu ogé nu sering ngajak ka urang pikeun salalawasna ngagungkeun ka
Allah swt. Salalawasna sora ieu téh noelan hate urang pikeun sadar, tapi ku
sabab kapangaruhan ku hawa nafsu duniawiyah nu nimbulkeun sibukna urang dina
ngudag-ngudag ogé nguruskeunana, nu akhirna ngakibatkeun tumuwuh mangpirang
dosa-dosa, maka sora “kasucian” éta téh terkadang ku urang sorangan tara
diropea, tara dianggap. Sok padahal sora éta téh taya kajaba nu sering
diucapkeun nalika tepungna urang reujeung عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) nyaéta kalimat
‘Takbir’ أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha
Agung). ogé nalika urang ngawalan ngalakukeun ibadah sholat. Dumasar kana hal
éta, maka nalika kalimat أللهُ
أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung) bener-bener geus sumurup miraga sukma ngahiji
ngadarah daging, bakal ngaleungitkeun sagala rasa nu ngagantungkeun kana salian
ti Allah swt. Salalawasna bakal ngalahirkeun hiji tangtungan manusa nu wungkul
ka Allah ngagantungkeun harepan, wungkul ka Allah ngaula, wungkul ka Allah
pikeun Ibadah ogé wungkul ka Allah pikeun minangsaraya miharep pitulung إيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِيْنُ.
Ibnu sina
ngajelaskeun dina kitabna Al-Isyarat wa Tanbihat, yen lamun seug manusa
neuleuman kan kalimat أللهُ
أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung). maka manehna geus asup kana golongan
para ‘Arifin nyaéta jalma-jalma nu bebas tina beungkeutan hawa nafsu
duniawiyah, manehna salawasna bakal mapaes dirina ku sifat darehedeh jeung budi
nu marahmay, ogé mapaes dirina ku akhlakul karimah. hal ieu timbul tina hatena
nu pinuhan ku katingtriman, katumaninahan (katenangan) nu nimbulkeun rasa
gumbira, ku sabab salawasna ngahadirkeun hate pikeun ngaagungkeun Allah swt,
dina dirina tumuwuh rasa yen hakekatna makhluk kaasup dirina the leutik, lemah,
taya kakuatan dipayuneun Allah swt. لَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللهِ الْعَلِيِّ
الْعَظِيْمِ
Saterusna Ibnu
Sina ngajelaskeun, yen mun manusa geus tumuwuh rasa samodel kitu maka manehna
bakal boga anggapan yen rahmat Allah swt milik sarerea, boh pikeun jalma ta’at
oge jalma nu loba maksiyat. Manehna moal boga rasa pikeun ngarorek kasalahan
batur, nu aya malah sibuk ku menta hampura ka Allah tina sagala kasalahan,
manehna bakal jadi jalma nu hampuraan, moal aya rasa dendem, atawa
ngucik-ngucik komo nungtun raja wisuna, jauh tina dirina sifat gede ambek
sanajan ningali kamunkaran, manehna nyarek moal make jalan kasar komo garihal,
estu bakal
nyarek ku jalan
nu hade kalayan nerapkeun akhlakul karimah sakumaha nu dicontokeun ku
Rosululloh saw. Najan ka dirina aya nu ngahina, nu nyacampah pasti bakal
ditarima kalayan hate nu pinuh rasa hampura. Sifat silih pikanyaah, silih
pikaasih, silih pikaheman, salawasna jadi papaes dina kahirupan, jauh tina
pacengkadan, jauh tina papaseaan. Hal ieu teh akibat tujuan hirupna wungkul
hiji nyaeta لِبْتِغَاءِ
مَرْضَاتِ الله (Pikeun nyuprih atawa miluruh Ridho Allah swt.).
Makna Kasucian
teh gabungan tilu unsur: Bener, hade, jeung endah. Sahingga jalma nu nu
ngalaksanakeun عِيْدُ
الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) nu mibanda harti mulang atawa balik kana
kasucian, bakal salawasna mapaes diri ku laku lampah nu bener, hade jeung
endah. Sabab, ku akibat tilu unsur eta saupamana jadi papaes diri manusa, maka
bakal ngalahirkeun hiji tangtungan jalma nu linuhung jeung pinuji. Manehna
bakal salawasna miluruh hal-hal nu hade bari salawasna milampah kahadean bari
mapaes diri ku akhlakul karimah nu endah bari salawasna ngajaga, ngariksa oge
taat kana tetekon agama jeung darigama kalayan bener-bener. Sabab ku laku
lampah nu bener bakal ngalahirkeun hiji tangtungan jalma nu salawasna ngandelan
dirina ku elmu pangaweruh. Sabab laku lampah hade bakal ngahadirkeun hate jeung
sikep nu pinuji oge ngalahirkeun tata laku pinuh ku kasopanan tegesna akhlakul
karimah salawasna mapaes diri, oge ku sabab kaendahan bakal ngalahirkeun seni kahirupan
nu endah ditingalina matak jadi eunteung pikeun nu sejen. Ku tilu unsur eta
bakal ngahalangan jalma pikeun milampah kasalahan, jauh tina kamaksiyatan.
Jadi dina
raraga urang mulang deui kana kasucian tegesna عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri), aya sababaraha
hal nu kudu dilakukeun, diantarana nyeta:
1. Halal bi
Halal
Halal bihalal
ngandung unsur silih hampura reujeung silaturahmi. Urang hamo manggihan dina
Al-Qur’an atawa Hadits nu nuduhkeun kana ngajelaskeun harti nu pasti ngeunaan
halal bihalal. Istilah halal bi halal mangrupakeun budaya khas urang Indonesia.
Nu hal eta bakal nimbulkeun harti nu sifatna teu pasti pikeun bangsa
deungeun-deungeun luar bangsa indonesia dina ngahartikeunanas sok sanajan
maranehna paham kana ajaran islam oge paham kana bahasa Arab. Tapi najan bari
kitu, halal bihalal bisa ngandung sababaraha harti atawa makna, nu bisa
ditingali ku rupa-rupa paham dina ngahartikeunana.
Lamun ngabahas
ngeunaan halal bihalal segi hukum, maka urang bisa nyokot harti yen kecap halal
teh lawan tina kecap haram. Sedengkeun kecap haram mungguhing
nyaeta hiji
perkara nu dilarang, mun seug dilakukeun bakal nimbulkeun dosa oge ngakibatkeun
turunna siksa pikeun jalma nu ngalaksanakeunana. Megatkeun silaturrahmi atawa
tali duduluran teh hukum dilarang dina agama islam, maka ku ayana halal bihalal
jadi bisa nyambung deui. Nu teu akur jadi akur, nu silih pikangewa jadi silih
pikanyaah, silih pikaasih.
Sedengkeun
makna halal bihalal ditingali tina segi bahasa, maka bisa ditingal tina asal
kecap halal eta, asal kecap ) حَلَلٌ halal( teh
tina kecap حَلَّ )halla( atawa حَللَّ (halala) nu mibanda harti nu
pirang-pirang diluyukeun jeung kecap panyambungna atau gabungan kecap samemeh
atau saba’dana. Kecap kecap حَلَّ )halla( atawa حَللَّ (halala) bisa mibanda harti
“nyalsekeun masalah atawa kasulitan”, bisa oge dihartikeun “Ngabereskeun benang
nu pakusut”, bisa oge dihartikeun “ngahencerkeun perkara nu ngabeku atawa nu
teuas”. Bisa oge dihartikeun “ngaleupaskeun tali nu ngaborogod”. Dumasar kana
pirang-pirang harti eta, maka halal bi halal teh ngandung makna atawa maksud
pikeun ngayakeun hiji tindakan pikeun ngarubah hubungan nu tadina kiruh jadi
herang, atawa nu tadina teu akur jadi akur, nu tadina kaborogod ku tali ka
ngewa jadi bebas oge silih bebaskeun ku tali kaasih jeung kaheman. Tegesna
silih hampura tina sagala kasalahan jeung dosa antara sasama.
2. Silaturahmi
Silaturahmi
asal tina dua kecap nu disambungkeun nyaeta tinda kecap صِلَةٌ(Shilat) jeungرَحِيْمٌ (Rohim). Kecap صِلَةٌ(Shilat) asal tina kecapوَصْلٌ )Washl( nu mibanda harti
"nyambungkeun" atawa "ngumpulkeun". Sedengkeun kecap رَحِيْمٌ (Rohim) mibanda harti
"kaasih" atawa "kaheman", nu bisa ngandung harti oge hiji
anggota badan nu aya di kaum hawa’ nyaeta hiji tempat nu nyimpen bahan
pi-anak-keun tegesna “kandungan”. Sabab saban anak nu dikandung ku hiji istri
salawasna meunang rasa kaasih oge kaheman. Jadi صِلَةُ الرَّحيْمُ )silaturahim( bisa dihartikeun
"nyambungkeun tali kaasih nu geus pegat", atawa "ngumpulkeun
rasa kaheman atawa rasa kaasih nu pabureuncay atawa nu geus papisah".
Dumasar kana
hal eta sahingga luyu reujeung dawuhan kanjeng Nabi saw. :“ Lain disebut
silaturahim pikeun jalma nu ngabales kana anjang sono atawa males pamere
(hadiah) nu dibere ku nu lian, tapi nu disebut silaturahmi nyaeta jalma nu
nyambungkeun
perkara nu
pegat atawa ngumpulkeun perkara nu papisah” (H.R. Imam Bukhari)
Malah dina
dawuhan nu sejen Kanjeng Nabi saw. Ngajadikeun hiji ukuran pikeun hiji jalma
ngeunaan kaimanana ka Allah swt. Ku dawuhanana: “Sing saha jalmana nu iman ka
Allah jeung poe akhir, maka sambungkeun tali kaasih jeung kaheman”
Oge dina
dawuhan Allah swt:
َالَّذِينَ
يُنفِقُونَ فِي السَّرَّاء وَالضَّرَّاء وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ
عَنِ النَّاسِ وَاللّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ (أل عمران: 134)
“(Nyaeta)
jalma-jalma nu nganafaqohkeun (hartana), boh dina waktu luang oge dina waktu
samporet, jeung jalma-jalma nu nahan amarahna jeung mere hampura kana
(kasalahan) jalma. Allah mikaresep ka jalma-jalma nu milampah kahadean”. (Ali
Imron: 134).
Asbabun Nuzul
ieu ayat teh nalika kajadian ngeunaan kasaksian palsu Misthah ka siti ‘Aisyah,
abu baker sumpah nalika kabuktian eta tuduhan teh bohong, maka anjeunna sumpah
hamo mere nafaqoh deui ka Misthah. Kukituna Allah maparin wahyu ka Kanajeng
Nabi saw. Supaya didugikeun ka para shahabat supaya ngahampura ka jalma nu
ngieun kasalahan antara sasama. Tah Dina ayat ieu aya tilu hal nu kudu jadi
sikep urang, nyaeta: 1) Nahan Kaambek; 2) Mere hampura, jeung 3) Migawe
kahadean.
Dina al-qur’an
kecap hampura teh make istilah أَلْْعَفْوٌ(Al-‘Afwun) nu ngandung harti
"ngagugurkeun" atawa "ngalebur". Kukituna jalma nu silih
hampura ngandung makna silih gugurkeun atawa silih leburkeun tapak-tapak
kasalahan nu geus dilakukeun.
Dumasar kana
hal eta, maka dina raraga urang neuleuman makna عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) ieu, maka tilu hal
eta kudu jadi kagiatan urang dina ngeusian عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) oge dina raraga
ngawujudkeun diri urang teh jadi jalma nu mulang atawa balik deui kana
kasucian. Tegesna urang kudu muka lambaran anyar kahirupan bari nutupan
lambaran heubeul nu kiruh pinuh ku kokotor kahirupan nu jadi hahalang urang
deukeutna ka Allah swt. Mudah-mudahan urang kagolong kana jalma nu barik deui
(kana kasucian) oge golongan jalma-jalma nu meunang kabagjaan, tur Allah nampi
kana ibadah shaum urang. Amin Ya Allah Ya Robbal Alamin. Wallohu A’lam
Bish-Shawab.